NU ngora kudu boga patekadan anu ka ukur, sok komo deui ayeuna Cianjur butuh pamikiran pamikiran ti kalangan nonoman, keur marengan pamikiran ti para sepuh sangkan dina prakna ngawangun Cianjur tembong atra ngahijina kum sadaya kalangan di Cianjur. Nu kagambar dialur program program anu baris dilaksanakeun di Cianjur.
Matak dipiharep ku H. ibang, sasieureun sabeunyeureun bisa nyarungsum kana kamajuan Cianjur. Dalah teu gampang sok komo keur anu kakara diajar model dirina.
Cenah nilik kana legana ambahan wilayah anu kaasup Kabupaten Cianjur apan sakitu legana. Terus loba oge masukan ti warga ngeunaan pang wangunan anu acan kacumpun kawilang loba oge. Tur loba oge pontensi anu dipibanda ku Cianjur anu perlu rojongan Pemkab Cianjur keur kamajuan rahayat masih butuh rojongan.
“Cianjur bener bener perlu akselerasi dina pangwangunan. Anu hamo moal bisa dilakukeun ku sorangan, tapi estu perlu babarengan,” ceuk H. Ibang bari neuteup ka jauhna.
Katingali aya riuk nu kagambar bangun daria, nu teu kungsi lila disambung ku sora anu teu pati tarik cara samemehna. “Bener Ibang ayeuna can bisa lumaku leuwih loba keur kapentingan Cianjur, sabab Ibang can gaduh kebijakan.” Pok na.
Matak disebutkeun H. Ibang, dirina rek waleh ngilu dina Pilkada, najan aya karaguan jeung nada kurang percaya ti masyarakat, dianggap wajar sabab apan acan kenal jeung wanoh. Ku sabab mimpin Cianjurna oge acan.
Hahalang Jeung Cobaan Tong Ieuh Jadi Alesan, Cianjur Perlu Generasi Anu Tangguh, sok komo mun enya niat nyaah ka Cianjur mah. Diungkapkeun Haji Ibang, pada dasarna sadayana diperyogikeun, najan anu ngeritik, anu teu percaya, anu marin masukan sadaya kedah ditampi. Sok komo ti papada urang Cianjur sangkan jadi bahan keur diri leuwih hade dina engke babakti ka lemah cai…(Nyambung).